post image
Dalam seni Kawih Cianjuran terdapat lagu berjenis tembang, yakni Rarancagan dan Dedegungan/Pikiran Rakyat.
KOMENTAR

Tembang. Tah, nya istilah ieu pisan nu perlu dilelempeng dina terminologi seni Cianjuran téh. Teu saeutik mémang anu nga-generalisasi yén cianjuran téh nyebutna cukup ku istilah tembang baé. Aya deui nu nyebut kana seni cianjuran téh tembang cianjuran, atawa tembang Sunda, atawa tembang Sunda Cianjuran. Tuh, kana materi seni cianjuran téh sok disakompétkeun jeung sababaraha istilah nu bieu. Padahal istilah tembang, tembang Sunda, tembang Sunda Cianjuran kabéhanana mibanda ma’na anu béda.

Istilah tembang, mibanda harti lagu (-sora manusa) anu rumpakana mangrupa dangding (boh tina guguritan boh tina wawacan). Tembang Sunda, mibanda harti tembang (lagu tina dangding) anu aya di Sunda; ieu téh pikeun nandeskeun yén di luar Sunda --utamana di Jawa, jeung di Bali aya materi nu disebut ‘tembang’. Tembang Macapat di Bali diwangun ku 12 (dua belas) pupuh, nyaéta Sinom, Ginada, Pucung, Maskumambang, Ginanti, Durma, Pangkur, Semaradana, Mijil, Magatruh, Demung, Dangdang, jeung Adri. 

Tembang Sunda Cianjuran, nyaéta tembang Sunda nu aya dina wengkuan Kawih Cianjuran; maksudna mah kana materi seni cianjuran anu rumpakana diala tina dangding, nyaéta wanda rarancagan, dedegungan (jeung jejemplangan) anu disanggina (hasil kréasi) awal abad XX. Demi (kawih, seni) cianjuran kapan ngawengku Papantunan, Jejemplangan, Dedegungan, Rarancagan, kakawén, jeung Panambih. Sakali deui, nu disebut tembang Sunda Cianjuran téh nya tujulna mah kana Rarancagan jeung Dedegungan, sabab rumpakana mangrupa dangding (boh tina wawacan boh tina guguritan).

Enya, ari cianjuran téh kaasup seni kawih Sunda. Kapan mangrupa lagu, haleuang, hariring. Rumpakana aya anu mangrupa puisi pantun, sisindiran, kakawén, dangding, jeung puisi bébas (sajak). Husus anu rumpakana maké dangding urang téh sok kapaksa kudu nyebut tembang, turta éta maksudna mah kana wanda Rarancagan jeung Dedegungan.        

***

Dina materi kawih papantunan (hasil kréasi Kangjeng Dalem Pancaniti; ti mimiti Pangapungan tug ka Nataan Gunung téa), eusina nyaritakeun peristiwa di nagara Pajajaran. Nu matak, sakali deui, urang Cianjur mah kana éta kreasi Kangjeng Dalem mah nyabutna téh Lagu (Kawih) Pajajaran, Pantun, atawa Kawih Pantun baé. Eusina taya lian ti ‘perjuangan’ tokoh Mundinglaya di Kusumah’ (putra mahkota Pajajaran) geusan nyangking jimat (angen-angen) Lalayang Salakadomas, pikeun kamaslahatan jeung kasalametan pangeusi nagara Pajajaran.

Enya, di jerona aya adegan romantis, ngenes, wera, pikacuaeun, jeung kabagjaan. Dina lagu-lagu Papantunan mah, henteu kungsi kacaturkeun bab ‘runtagna Pajajaran’, anu boa bakal jadi motif pikeun masarakat Sunda neundeun rasa ‘tibelat’ duméh ‘kanyenyerian’ alatan mileuleuyankeun nagara nu runtag. Mun arék gé kana kawih papantunan mah, nu baris medal téh rasa batin Sunda anu tibelat duméh ‘nineung ku romantisna’, lain ‘kanyenyerian’ alatan nagara Pajajaran runtag.

Sok aya nu nyebutkeun seni cianjuran téh gambaran rasa tibelat kana runtagna Pajajaran. Enya, éta rasa tibelat dina cianjuran téh tangtu tujulna kana rumpaka ‘Pajajaran tilas Siliwangi’ anu dicutat tina Guguritan Laut Kidul (GLK) téa, karya Ece Majid. Gemblengna kieu:

Pajajaran tilas Siliwangi

wawangina kasilih jenengan

kiwari dayeuhna Bogor

batu tulus nu kantun

kantun inggis jaradi pikir

mikir tulisanana

henteu surud liwung

teuteuleuman kokojayan

di Ciliwung nunjang ngidul Siliwangi

nuus di Pamoyanan

 

(pada ka-3 Guguritan Laut Kidul)

Éta rumpaka téh sok ditembangkeun dina lagu Bayubud. Saenyana, eusi Guguritan Laut Kidul (GLK) sacara gembleng gé henteu wungkul nyaritakeun runtagna Pajajaran, tapi nyaritakeun lalampahan Mundinglaya di Kusumah indit ka jabaning langit pikeun ngala Lalayang Salakadomas nu ditulis dina wangun guguritan, tur maké aturan pupuh Dangdanggula.

Minangka catetan: dina taun 1981, Dasentra pingpinan Ubun Kubarsah ngarékam GLK dina cianjuran (tangtu baé make lagu-lagu Rarancagan). Nu nembangna (nyebutna kudu nembang, sabab rumpakana winangun guguritan –puisi dangding, nu maké aturan pupuh téa) Dr. Dadang Sulaéman jeung Nina K. Sopandi.

Dina hiji mangsa, rumpaka pada ka-3 GLK ‘Pajajaran tilas Siliwangi’ kapireng ngagalindeng dina lagu Goyong, Kéntar Ajun, Mangari, Erangbarong, Purbolinggo, atawa nu séjénna (lagu cianjuran nu make rumpaka guguritan dina pupuh Dangdanggula). Sabalikna deuih, dina hiji mangsa kapireng aya nu nembang lagu Bayubud kalawan rumpakana lain ‘Pajajaran tilas Siliwangi’, tapi ‘Laut kidul kabéh katingali’, atawa ‘Méga beureum surupna geus burit’, atawa ‘Basa Sunda upami ditilik’, atawa ‘Sanés pisan engkang henteu isin’ (cat: ukur nyutat padalisan kahiji tina guguritan pupuh Dangdanggula).

Pasualanana, hiji lagu dina seni cianjuran mah –utamana dina Rarancagan jeung Dedegungan, bisa dieusian ku rumapaka séjén asal ngagunakeun aturan pupuh anu sarua. Cara lagu Sekar Gambir maké rumpaka nu mana baé asal tina pupuh Sinom, lagu Dangdanggula Degung maké rumpaka nu mana baé asal tina pupuh Dangdanggula. Hukum gunta-gantina rumpaka dina hiji lagu Cianjuran, ku para ahli tembang jeung ahli sastra mah disebutna téh rumpaka sandingan.   

 

KOMENTAR ANDA

Peringati Peristiwa G30S, Ini 5 Fakta PKI yang Perlu Diketahui

Sebelumnya

Bukan Cuma Perempuan, Saintis Ungkap Laki-laki Juga Bisa "Datang Bulan"

Berikutnya

Artikel Sains